Catetan Umur
Duka teuing ti iraha jeung timana mimitina, kuring bet bisa maca kajadian naon waé nu bakal kasorang ku batur. Ibarat maca buku, kuring bisa maca eusi buku nu batur. Mun kudu dijéntrékeun mah eusi buku téh rupa-rupa. Aya nu tulisanana rapih ti kaca hareup nepi ka kaca panutup, aya ogé nu eusi bukuna ukur pinuh ku curat carét. Aya éta gé sababaraha buku nu beresih tina tulisan atawa curat carét, biasana boga budak leutik nu can boga dosa nu umurna dikersakeun teu manjang. Ari bieu, bet ngolébat buku catetan sorangan. Ku ahéng, eusina ngan sababaraha lambar, ngan sababaraha kaca. Kadituna mah beresih, euweuh aksara, euweuh titik-titik acan. Euweuh titik-titik acan.