Langlayangan Luhureun Jaladara
Kang ... kumaha wartosna akang di sawarga?Tangtos di sawarga mah moal aya kakirangan nya?. Tuangna, leueutna kaperhatoskeun pisan. Kang ... murangkalih urang tos tiasa ngapungkeun langlayangan. Unggal sonten, manéhna teu weleh lumpat ka lapang, teras ngapungkeun langlayangan. Tuh Kang, tingal geura, ayeuna gé nuju ngapungkeun langlayangan. Aéh ... teu kedah diwartosan kétang nya, da geuning atra ti dieu mah. Tuh Kang ... manéhna gugupay.