Nu Mulang Tuluy Miang
Jungjunan, tos sabaraha lami urang teu tepang? Kasono tos minuhan langit. Ayeuna, nembé gé mulang, salira bet kedah miang. Dipangberokan, salira katawis pisan diganggayong ku seueurna émutan. Abdi surti, salira ngabatin pisan. Jungjunan, Jalmi nu dipilari tos teu aya dikieuna. Tapi naha salira gé bet ngiring ilang?