Buron
Gijleg ... gijleg ... gejlig!. Mobil tahanan nu ti isuk ngabubat-babét awak eureun. Cekekes ... cekekes ... pes. Mesin sigana ngadat. Jrut, maranéhna nu mawa péstol turun. Teu miceun waktu, gajleng kuring luncat, korosak. Jedor .. jedor!. "Aing teu salaaah ... alam dunya, naha anjeun teu mihak kuring?". Jedor ... jedor ...!. "Téangan nepi ka kapanggih mayitna! Keun soal laporan mah!"