Rusiah
Gura-giru kuring ninggalkeun kamar hotél, inggis aya nu nempo. Sacongo buuk gé teu pisan-pisan kuring boga pikiran bakal kieu. Wedak, lipen jeung barang bukti lianna geus disumputkeun. Jajantung ratug waktu pasanggrok jeung mobil patugas, késang lembut késang badag karasa minuhan awak. Kalayang ... pikiran kuring ngalayang deui ka kamar hotel. Manéhna jeung kuring lalaki pada-pada lalaki. Kateuing naon atuh ari tadi, da geuning sarua pada-pada ngésang. Nu pasti, kuring bungah jadi lalaki. Tok tak ... tok tak ...hak sapatu disada unggal manéhna ngaléngkah, leungeun teu lepas ngeupeul tina saku calana. Peuting ieu simpé, ukur tok tak sapatu jeung haté manéhna nu kadéngé. Rusiah ieu nu apal cukup manéhna.