Amoy ti Santiong
Hujan teu daék répéh, ceurikna bangun nu kanyenyerian. Kalan-kalan, ceurik hujan diselangan ku patingjelegérna guludug. Da puguh peuting katambah hujanna kieu deuih, lampu mobil gé jadi euweuh hartina. Lebah kénca jeung katuhu jalan tatangkalan ngarangkadak, tangkal awi kalulimis. Kari dua pengkolan deui, pikir téh. Kolébat! Puringkak!. Duh, naha bet karasa keueung?. Anjiiir ... !Jadi inget si Amoy nu dipaténi lebah Santiong ieu. Cetrék! tip mobil dihurungkeun. Sora Ayu Tingting maturan kuring. Sabot keur ngeunah-ngeunah duét jeung Ayu Tingting, tina spion ... srét ...pindah kana jandéla, Amoy Santiong keur neuteup seukeut.