Lebah Jambatan

Baku ari geus kabagéan gawé peuting téh, motor sok teu daék diajak badami. Nyaho dunungan kudu ngaliwatan jambatan, der mogok deuih. Na ari manéh Kukut! Ngagawékeun pisan. Kocépat!Kurubuk ... ti béh handap aya nu ngocépat. Motor geuwat disetandarkeun. Lol, kuring néang ka handapeun jambatan. Ngandelkeun lampu listrik hiji-hijina nu aya, unggal lebah susukan diilikan. Suwung, euweuh nanaon. Tadina mah sugan wé gédé milik siga Mang Amin, bisa meunang bogo nu beuratna méh satengah kilo. Ces ... angin leutik niup kana punduk, karasa leuwih tiis batan és balok. "Jang, keur naon didinya?" cék hiji sora ngagareuwahkeun. Gebeg!Rét ka lebah sora. Nini-nini mencrong kuring, buuk bodasna digelung awakna bengkung. Popoyongkodan manéhna nyampeurkeun kuring.