Sadinten Tilu Kali


"Kang, omat nya! Ayeuna mah kédah sadinten tilu kali, ulah seueur teuing". "Ah, meni diwates, jeung deuih meni siga landong waé kedah sadinten tilu kali. Kumaha akang wéh atuh, pami akang hoyong kumaha? Akang pan tos capé ngadamel waé fiksimini, sok kadang teu kiat, Nyi". Si akang nu keur miksimini ngagaléntoran.
"Ih, atuh engké bosen geura, sareng pan pami seueur teuing mah, kirang saé, nu sanés moal kabagéan".
“Naon maksudna? Jadi salian akang téh aya nu lian nya?”
Nu jadi salaki jéngkat bari ngajeblagkeun panto. Rét ka salaki, rét ka fiksimini manéhna.