Rohang Tamu

Kiwari kuring di rohang tamu nu harita. Ngawitan tepang di rohang tamu, salira neuteup bari imut, sababaraha kali maok teuteup. Unggal paamprok teuteup, imut salira teu weléh nyarengan. Duka abdi nu bodo, atanapi abdi nu teu surti. Nanging nu atra karaos, ayeuna salira taya ibarna. Mung rohang tamu nu janten saksi harita. "Geus, ulah nyeungseurikeun, kuring éra ..."