Gede Wadul
Hiji poé, tukang ngawadul datang ka kuring, manéhna nyaritakeun alesan manéhna naha bet rajeun ngawadul. Waktu ngadongéng, beungeutna éstu ngayakinkeun pisan yén manéhna teu keur ngawadul. Pon kitu deui mun ditilik tina pepetana, teu saeutik-eutik acan katempo keur ngawadul. Tapi, kuring yakin, kabéh nu didongengkeun ku manéhna ukur kabohongan, ukur wadul, waduk siah!. Tangtu waé kuring teu sagawayah percaya. Teeer ... aya nu ngageter, waktu manéhna ngomong, “Anéhna, kuring teu bisa ngawadul ka diri sorangan”.