Fikmin#Sono#
Prak ...!Hapé dibabétkeun, manéhna imut bangun nu puas. Ahirna, disada ogé, sanggeus tiisuk nungguan disada.

Fikmin#Wartawan#
Manéhna ngetik, ninggalkeun tapak tinta dina awak kuring. Belenyéh ... manéhna imut bari teu kiceup neuteup kuring. Puas, sanggeus ngaleupaskeun kabéh kalimah nu aya dina pikiranana.

Fikmin # ATM #
Bubar sakola, kapaksa ngaboncéng bu Ratna, guru biologi kuring. Babaturan nu nyuitan jeung nyarurakan teu dipaliré. Geleser, motor lalaunan digas. "Dan, jajap heula ka mol yu? Urang balanja, Dani hoyong mésér naon? Keun da ibu nyandak ATM". Ceuk manéhna bari ngaluarkeun tabungan murid.

Fikmin#Si Bungsu#
Aya mamah, apa, tétéh, aa, ogé aya uwa sareng bibi. Hoyong mah hoyong ameng, tapi teu kiat kutunduh. Kerelep ... hudang-hudang, si bungsu geus nepi di langit ka tujuh. Indung, bapa, lanceuk, emang jeung bibina duka kamarana. Cahaya gumawang ngabageakeun manéhna.

Fikmin#Getih Cinta #
Kuring ceurik, kuring getihan waktu kapaksa ngayakinkeun manéhna sakumaha gedéna ieu rasa cinta. Tapi naha manehna angger teu miroséa?.

Fikmin# Suci Deui#
Saréngséna peuting ieu. Isuk, bawa ka binatu.

Fikmin#Waktu Anjeun Nampik#
"Abdi mah jalmi laip ... tuna harta sepi harti, tebih tina duduga peryoga".

Fikmin#Leungit Uteuk#
Dina uteuk geus pinuh ku bahan tuliseun. Kari tret nulis, jadi. Tapi, dimana tadi uing neundeun eta uteuk nya?.

Fikmin#Baheula#
Ku satia girimis, ngepris marengan léngkah. Cara kananga nu ligar nyeungitan rasa. Hanjakal, girimis aya eureunna, kananga aya layuna. "Baheula mah lain ayeuna, Kang" cék Puspa opat welas taun sanggeus ngaranda.

Fiksimini # Manehna nu kawin #
"Tarima abdi nikah ka Endah bin Dadan Winangun Azhar kalayan mas kawin emas tilubelas gram, dibayar kontan". Ijab manéhna, bari jempol sukuna hayoh noélan kana suku kuring handapeun méja. Néng Endah katempo bagja harita.