Hartina Sobat

 "Bréw, sori euy, aslina aing mah teu ngahaja jadian jeung si Mira téh, lain aing teu ngahargaan haté didinya, lur" cék manéhna di kelas tadi. "Daék sumpah aing mah, si Mira nu nyatakeun bogoh ka aing, maenya wéh aing rék ngaruksak sosobatan urang," témpas manéhna pikeun ngayakinkeun kuring. "Ngan kieu euy, urang sieun kaperego ku si Indah. Bréw, énté wungkul nu bisa nulungan urang. Didinya hiji-hijina sobat nu bisa dipercaya, tulungan heueuh?". Rét ka manéhna, kuring ukur nyengir. Keun siah ku aing, cék gerentes.