Hadiah kejutan
Keureutan beungeut sarua, awak sarimbag, sora jeung ringkak paripolahna teu jauh béda. Untung kuring apal mana nu jadi salaki. Saacan solat subuh, kuring jeung salaki geus beberesih, bati peuting tadi. Nyaan, lalaki pisan manéhna mah, teuing sabaraha kali kuring manggih kani'matan. Tara-tara ti sasari, moal kitu keur mindo? Ngan kuring bingung, naha tadi peuting manéhna bet ngaheureuyan nya? Maké jeung ngasms sagala, "Néng, Aka moal uih wengi ieu, wayahna, enéng obo nyalira". Ah, sigana mah 'hadiah kejutan' téa.