Pahlawan


Panghareupna, Darma mingpin démo di pabrikna. Démo ayeuna kudu ngahasilkeun naon nu jadi tungtutan buruh. Upah nu salila ieu minim, nu jauh dihandap UMR kudu dicumponan ku pihak pabrik. Geus cukup kesang buruh diperes ku pangusaha asing.
Buruh butuh sejahtera, teu ku hanteu, atuh cukup cukup keur kaperluan sabulan. Darma merjoangkeun kaperluan sakabéh buruh. Darma istuning pahlawan pikeun babaturan sapabrikna. Kabéh boga kawani mun aya Darma.
Darma pamingpin maranéhna, saacan si nu boga pabrik nyarita, “Singkirkeun Jelema nu panghareupna!”.