Jelegur .... jelegur ..., ombak pasang neumbragan karang. Angin milu motah, ngahaminan teumbragan. Sora ombak beuki ngaguruh, walét pating belesat. Sakapeung matak keueung, matak ciut kana haté.
Nu paraséa beuki rosa.
"Ayeuna!"
"Embung"
"Ayeuna! Da moal nanaon"
"Embung! Aing sieun engkéna"
"Mun teu ayeuna, kumaha kahareupna?"
Sabot nu paraséa pada-pada satuju kana hasilna, "Pa, tingal!, aya tangkal kai murag tina batu nu itu!" nangtung dina jok tukang, budak kuring tutunjuk ka lebah batu karang.