Jebot, jebot!. "Ampun Kang, ampun, nyeri ... ampun". "Na silaing téh siah, ku aing geus diparaban, diimahan, kurang kénéh kitu? Wajar mun aing hayang kawin deui".
"Teu Kang, teu aya nu kirang. Cekap, Kang ... cekap". Rukmini eueuriheun waktu Jajang mawa asup Rita ka kamarna. Gep Rukmini kana hapé. Hiji sora nyoara, "Geulis, akang ngantosan kaputusan salira".