Duit Kencring


Dina keupeulan, duit kari tilu rebu pérak. Panon poé geus ka kulonkeun. Awak lungsé jeung pasiksak, katambah-tambah sirah karasa jangar. Peujit murilit, suku ngeleper milu mairan. Tilu rébu, moal mahi meuli sangu. Meuli ubar heula kitu ngarah teu jangar teuing? Enya ah meuli ubar wéh jeung cai heula, sugan dihareup aya nu rék ngesol sapatu.

Ih, naon éta. Euleuh, geuning duit, lumayan kencring gé keur nambah-nambah meuli sangu. Sabot mulung duit, hiji mobil élf nyampeurkeun kuring. Supirna katempo bangun nu reuwas bari ngabanting setir. Jedag!.