Braga Jam Sapuluh

Taun 1982.


Kaptèn Nurman leumpangna ngagancangan. Lebah toko Sarinah, manèhna teu wani ngalieuk-lieuk acan. Sirahna beuki ditungkulkeun. Manèhna inget yèn lebah dinya unggal sapuluh taun sakali tanggal sapuluh - bulan sapuluh - jam sapuluh, mindeng kacaritakeun kajadian ahèng. “Kaptèn !” kadèngè aya nu ngageroan. Manèhna ngalieuk ka lebah sora. Saurang Jajaka gugupay. Saha nya?Ka kuring kitu?. Nurman rèk nyampeurkeun, ngan ... teuing timana jol-na, nyaho-nyaho hareupeun éta jajaka geus aya saurang lalaki disaragam tantara nu dedeganana persis manèhna. Acan gè ngiceup, lalaki nu disebut kaptèn katempo geus baloboran ku getih, balati nuncleb dina dadana. Si jajaka, teu kanyahoan kamana lumpatna. Sigep!Kaptèn Nurman muru lalaki nu baloboran ku getih. Grok ... grok!Awakna kekerejetan. Les ....!Nyawa pisah tina raga. Gebeg!. Geuning layon nu haneut kènèh tèh, dina saragamna ngajeblag ngaran manèhna. Nurman Andrèas.