Dina Pasungan
Késang badag késang lembut, awak, suku jeung leungeunna geus karasa ngadégdég. Salakina ngaguher kénéh waktu manéhna neundeun sagelas kopi di luhur méja gigireun ranjang. Cai kopi anu dipurulukan racun beurit ngebul kénéh bati katimpah ku cai panas karek cur. Meureun kudu kieu carana sangkan kuring bébas, naon hartina cinta ari hirup asa dipasung? Manéhna tuluy ngagolér di sagigireun salakina. Bari imut, manéhna ngusapan buuk salakina, “Kang, abdi alim pami saumur hirup kedah aya dina pasungan”