Diuudag

Awak nirisan, meusmeus angin nebak punduk. Hujan angin dordar gelap, tiis, nyelecep kana tulang. Getih karasa leuwih tarik kamalirna. Satukangeun aya nu nuturkeun. Haté ratug, leumpang geus teu nénjo jajalaneun."Cilaka! cilaka! Cilaka duabelas ieu mah!" Suku dibawa lumpat, tok tak tok tak, hak sapatu diadu jeung aspal jalan. Leungeun beuki pageuh ngeukeupan tas. Nu nuturkeun asa beuki deukeut. Rét ka tukang, euweuh sasaha, rét ka sakuriling, suwung. Bréh!Sagigireun aya nu neuteup seukeut. Astagfirulloh!