Ukur rénghap jeung tiisna hawa nu maturan kuring peuting ieu. Taya imut, taya gupay nu biasa maturan.
Asa ku abot haté teh pikeun ngaléngkah, teu raos ngantunkeun akang pami kieu mah. Tara-tara akang bet nolak tuang, moal damang-damang atuh, kang. Aya naon atuh?Aya nu karaos deui? Moal lami, kang, da saurna abdi mung dianggé kanggo wengi ieu wungkul. Enjing abdi wangsul, sapertos biasa kanggé ngawulaan akang. “Geura tuang, Kang…,”Cékéng téh tadi, tapi manéhna cicing baé, teu usik teu malik. "Akang, gugah atuh, Kang ...!Gugaaaaah ....!Geura tuang, kang!"