Panonpoé hésé bijil

"Hotperdom!Lamun aya nu wani ngalawan Hupmandor, nasibna bakal jiga si Ringgo!"sentak Tuan Hupmandor ka aleutan kuli kontrak bari némbongkeun si Ringgo, anjing nu biasana nurut ka manéhna. Aleutan kuli kontrak nu ngaburudul ti lebak ka tonggohkeun beuki tarungkul, euweuh nu wani kaluar ucap, teu, teu sakecap-kecap acan. Ciibun masih tinggaréndang dina jukut jeung dangdaunan, hatong sulubung haseup pabrik ngahéong, kebon entéh nu simpé beuki jempé. Harita, Panonpoé hésé bijil.