Awéwé Kadua


Tilu gémbolan eusi baju, tuluy kasur, kompor, jeung lianna geus ditaék-taékkeun kana treuk. “Korsi ulah dibawa!”cék Asép bari nulak cangkéng. “Éta naon nu dikérésékkan?” pokna deui nanya. “Éta mah cocoan budak!” Ceuleungkeung sora mitohana ti dapur. Asép cicing, maksudna mah éta patanyaan pasti keur Ratna, pamajikanana, da puguh nu ngaliwat ka hareupeun manéhna téh Ratna. Panon Asép mureleng ka Ratna.
Enya, Ratna diusir ku Asép. Asép nu geus puguh boga awéwé lian, awéwé kadua dina rumah tangga maranéhna. Nu marantuan reumbay cimata. Komo Déwi mah, nyegruk ti mula ngabantuan ngepak barang. “Kusaha éta gambar kaligrafi diturunkeun? Pasang deui! Pokona mah ulah mawa nanaon! Nu aing ieu mah kabéh!” Jep! Kabéh jempé.
"Ratna, indungna, katut dua anakna ahirna indit kana treuk nu kosong. Kuring, ayeuna jadi ngarasa karunya. Sép, naha nepi ka kieu? Cék gerentes, Ratna téh panan sobat kuring.