Enéng nu éra mah


Dua beungeut nyanghareup lalangit kamar. Awak ngabebengkang. Rét ka lanceukna nu aya disagigireun.
Jempé siah ayeuna mah. Baku ari geus datang panyakitna téh. Leuheung mun teu nyilakakeun batur. Yeuh! Tingali beungeut Enéng! Raca jeung garetihan! Heug téh teuing rék gélo gé, asal ulah ngérakeun Enéng. Da Enéng nu éra mah, Enéng! Enéng téh geus gedé atuh, Étéh, hayang boga kabogoh kawas batur. Ngan kusabab aya Étéh, tong boro boga kabogoh, babaturan gé sangheuk nyalampeurkeun. Maké baju, maké sapatu, mahiwal ti batur pilihan Étéh mah. Dibéjaan tara daék narima, ngadon sok malik nyarékan. Enéng nu éra mah Étéh, Enéng! Mun seug Étéh jalma waras, Enéng narima sok sanajan kudu padémpét gé, Étéh.
Enéng ngagukguk, hanjelu ku nu geus dilakukeun ku manéhna. Leungeun katuhu ngusapan tarang nepi pipi lanceukna. Sedengkeun leungeun kéncana, dibawa ka langit ka tujuh ku lanceukna.