Lalaki Lian


Nyai, mun seug anjeun narima ieu kaasih, kuring jangji moal cidra, moal rek ngamomorékeun. Diri jeung haté kuring, sagemblengna dipasrahkeun ka anjeun. Gerentesna. Naha Nyai, naha salila ieu kuring ngan saukur jadi panglipur diri anjeun?
Enya ku kituna mah ... unggal anjeun butuh, saban Nyai perlu ka diri kuring, kuring bisa ngeukeupan jeung ngusapan anjeun. Lalampahan urang, geus lain antara dunungan jeung bujang. Tapi naha kuring teu bisa meunangkeun hate anjeun, Nyai?