Kukupu
"Kupu-kupu malam satu berangkaaaat ...! dadah Ibu Ageuuung ... hihihihi ..." Yéni gugupay cumentil. Lalaki nu aya di sagigireunana ngunggeuk bari imut. Siga peuting-peuting nu sasari, kuring jeung nu lianna pasti wéh éléh kapiheulaan ku si Yéni. Torojol Ibu ageung ti kamar maké baju kaén sutra. “Alus teu, Rin?” Ibu ageung mintonkeun bajuna. Kuring kataji ku gambar kukupu meunang nyulam manéhna. Kukupu téh warna-na aya konéng, héjo kolot jeung lianna. Bisaan nyalaraskeunana. Persis kukupu satemenna. Enya kétang, boroning ukur nyulam, Ibu ageung mah pinter apanan nyalaraskeun urang. Kuring imut sorangan. Kukupu .... najan mimitina tina hileud, maranéhna miboga kaéndahaan. Kukupu, maranéhna sorangan teu nyaho yén manéhna mibanda kaéndahan. Kuring ngalengis.