"Bongan kuring teu diampihan, antukna kuring milu ka manehna," pokna sendal capit butut dareuda. "Lain teu hayang! Da di imah ge geus boga nu leuwih alus ti maneh. Jeung deuih, panan ilaing mah lain keur kuring!" tembal suku bari tungkul. "Enya ari kitu mah, meureun ilaing teh geus teu butuh ka kami!" Duanana jempe. Ukur gesrukna sendal kana jalan aspal nu kadenge.
