Kapaksa, nung, akang kedah motrétan. Teu wasa ningalna bari kedah motrét salira. Duh! Éta cisoca nu ngalémbéréh maseuhan pipi. Akang teu daya waktos ijab kobul diikrarkeun. Duh, kacipta raheutna haté anjeun. Hanjakal, asih urang pinuh karingrang. Mun seug akang teu boga kawajiban, mun seug akang teu boga tanggung jawab. Mun seug ieu lain jatukrami manéhna!

