Dompét

Jrut tina karéta. Mentrang-mentring poé ieu mah. Hareudang jeung halabhab deuih dina karéta kénéh. Untung beubeunangan, teu kosong teuing balik ka imah téh. Késang maseuhan awak, nyerep kana baju nu dipaké. Ih aing mah hayang geura nepi ka imah, geura manggih cai. Ngeunah sigana mun mandi, tuluy ngajak barudak ulin ka korsél. Euleuh, éta dompét saha? Kétang, panan geus teu anéh mun di setasion manggih dompét. Nepi ka poho ..., kawas nu teu apal waé ari kuring. Euleuh, ieu aya deui, alus kénéh ieu mah. Teu jiga nu tadi tapak kagiles ku kandaraan, nu ieu mah hérang kénéh. Huuh ...! Ahirna, nepi ogé ka imah. “Mamah ... nyandak deui dompét kanggé Dédé, teu?” Tanya si bungsu bari ngajéjér-jéjér wélasan dompét di luhur kasur nu ngampar dina lantéy. Gebeg!