Laut Motah

Kuring keur nangkeup tuur dina tungtung parahu, waktu Marni nyampeurkeun. Manéhna nu baheula sok maturan mun keur ngalaut. Nu ditelasan dua taun katukang. Pikiran kumalayang. Ras kana kajadian harita. “Man, mun manéh teu gancang ngawin urang, urang rék bébéja ka pamajikan manéh!” Éta mimitina mah. Teuing kumaha, kuring harita bet kapoékan, nepi ka téga nelasan manéhna. Peuting ieu Marni maturan deui. Ngan béda ti sasari ayeuna mah, manéhna maké raksukan sarwa bodas. “Man, ieu tepung urang nu pamungkas...” Cenah, waktu kuring ngagaley manéhna. Laut motah. Aya napas nu paudag-udag handapeun bulan sapasi. “Man, dunya urang geus béda, geus béda ...” Haréwos hiji sora nu ditepikeun ku angin kana ceuli. Kuring nangkeup deui tutur dina tungtung parahu. Laut motah. Haté milu motah.