Ngajak Urang Sunda Maca Bukuna (Buku I)

Euweuh kacapé, éta awéwé téh hayoh wéh nanawarkeun ka unggal jalma pikeun maca. Boh dina riungan atawa panggih di jalan. Ka lalaki, ka awéwé, ka kolot, ka budak. “Ceu, abdi gaduh aoseun, eusina saé. Buku ieu téh kantos kéngéng hadiah sastra. Bilih badé maos, ieu abdi nyandak bukuna,” ceuk manéhna. “Buku naon? Ah, teu bisa macana gé. Hésé!” témbal nu diajak nyarita. “Néng, ieu Tétéh gaduh buku nu cocog sareng yuswa enéng, baca geura!” “Buku apa ini Tétéh? Ah, paké basa Sunda lagi. Ga bisa ah, hésé! Ulah buku Sunda atuh, Téh!” Bari song deui buku téh diasongkeun. Kocéak! Aya nu ngocéak, aya nu ngajerit, aya nu ceurik balilihan. Lain sakali, lain duakali.