Buku Ceurik (Bukuk II)

Disimbutan ku tiisna hawa peuting. Hareupeun mangpirang buku, saurang wanoja reumbay cimata. “Nyai! Pikumahaeun Sunda ka hareupna lamun kieu waé? Kiwari réa urang Sunda nu ninggalkeun, teu nolih, malah sakapeung teu ngarérét-rérét acan ka kami!” Kamus cumarita. “Enya, pikumahaeun ceuk Ki Sunda mun nempo kaayaan ayeuna? Urang Sunda geus mumul maca bukuna,” Sajak mairan. “Nyai! Lain anjeun téh meunang amanah ti Ki Sunda sangkan ngajak urang Sunda maca bukuna? Nepi ka iraha kami rék dibariskeun dina ieu lomari?” Roman jeung Novel teu éléh sora. “Kami boga élmu, pangaweruh, boga naon nu dipikabutuh ku maranéhna. Tapi naha? Naha langka nu miroséa?” Sajak jeung Sastra sorana harus naker. “Apan kami dijadikeun buku téh, sangkan maranéhna maju bari tetep inget ka purwadaksina,” cék buku sajarah Sunda. “Kamarana ari Urang Sunda? Kamarana?” Bangun nu dikomandoan, hing ..., mangpirang buku ceurik sapada harita. Nu ngagaur, nu nginghak, nu ngahinghing. Akur jeung reumbayna cimata saurang wanoja.