Masrahkeun Buku (Buku III)

Aya nu gagauran, nginghak, jeung ngahinghing. Mangpirang buku kanyenyerian. “Cukup! Geus montong ceurik! Pikir maranéh naha kuring teu bingung? Teu kuciwa? Nempo urang Sunda hésé diajak maca bukuna, teu bisa nulis ku basana. Kuring gé sarua, nyeri ...!” Kituna téh bari nepakan dada. Jep! Mangpirang buku jempé sapada harita. Manéhna cengkat, sup ka kamar. Nyokot samping dua lambar. Bar ...! Samping nu hiji diamparkeun. Hiji, dua, tilu jeung satuluyna. Buku diéntépan luhur samping. Opat tungtung samping dicangreudkeun. Samping hiji deui dipaké pangais. Gembolan buku kiwari aya dina aisan. Peuting nu jempling nganteur léngkah manéhna. Rék kamana? Dikumaha? Handapeun bulan nu komara, tukang loak buku ngajejentul, gédé harepan.