Hampura, Ki Sunda ( Buku IV)

Taktak, angkéng, kabéh awak pasiksak. Gémbolan buku dina aisan beurat kacida. Tapi pikirna, leuwih beurat tanggung jawabna batan sabaraha beurat kiloan bukuna. Peuting ditarabas ku ngangkleung. Mangpirang buku kokocéakan. Mangpirang buku ménta ampun, embung dilélang ka tukang loak. Sanggeus nepi ka tempat anu dituju, manéhna ngarandeg. Aya karaguan dina haténa. Tapi kapaksa,“Sampura, sun ...” “Rampes ...,” Hiji pangawakan gagah tur wibawa, mibanda raray pinuh komara neuteup bari imut ka tamuna. Aisan diécagkeun. Brek! manéhna ngedeprek. “Ki, Ki Sunda ..., ieu buku-buku ceurik ..., ieu buku-buku careurik. Mangpirang buku ceurik, mangpirang buku careurik!” Hing ...., manehna ngahinghing, tuluy sumujud ka Ki Sunda, handapeun bulan nu komara.