Aul Pamungkas

Alun-alun Bédburg, Jerman, 1591. Jalma geus ngagimbung, kabéh panon nyaksian Péter Stubbe disiksa. “Aaaaaaaa...! Huwaaaaaa...!” Stubbe nyandang kanyeri dina unggal jorowokna. Cetar! Pecut disabetkeun deui kana awakna nu ditalikeun kana roda. “Masih kénéh moal ngaku sia téh?” Jaksa Arnold nyentak deui. Stubbe geus teu daya upaya, “Kami moal ngaku, kami lain aul,” témbalna halon. “Bérésan!” Arnold méré paréntah ka bawahan. Bret! Sirah Péter Stubbe ngagulutuk disabet pedang. “Horséééh...! Jaksa Arnold mulia... mulia ...!” Kabéh jalma sarurak. “Ti ayeuna, hirup urang bisa tengtrem, moal aya deui aul. Aul ieu aul pamungkas!” Bari ngacungkeun sirah Stubbe, Arnold ngabéwarakeun. Getih sirah Stubbe nyakclak kana awakna. Ser... Aya nu ngageleser tiis kana jero awakna. Kami, aul nu pamungkas. Auuuuuuuuuuuuuu...” Rét! Arnold rurat-rérét. Muringkak sabulu-bulu. n-alun Bédburg, Jerman, 1591. Jalma geus ngagimbung, kabéh panon nyaksian Péter Stubbe disiksa. “Aaaaaaaa ...! Huwaaaaaa ...!” Stubbe nyandang kanyeri dina unggal jorowokna. Prét! Pecut disabetkeun deui kana awakna nu ditalikeun kana roda. “Masih kénéh moal ngaku sia téh?” Jaksa Arnold nyentak deui. Stubbe geus teu daya upaya, “Kami moal ngaku, kami lain aul,” témbalna halon. “Bérésan!” Arnold méré paréntah ka bawahan. Bret! Sirah Péter Stubbe ngagulutuk disabet pedang. “Horséééh ...! Jaksa Arnold mulia ..., mulia ...!” Kabéh jalma sarurak. “Ti ayeuna, hirup urang bisa tengtrem, moal aya deui aul. Aul ieu aul pamungkas!” Bari ngacungkeun sirah Stubbe, Arnold ngabéwarakeun. Getih sirah Stubbe nyakclak kana awakna. Ser ...., aya nu ngageleser tiis kana jero awakna. “Kami, aul nu pamungkas. Auuuuuuuuuuuuuu ...” Rét! Arnold rurat-rérét. Muringkak sabulu-bulu.