Korban Satuluyna

Imah modél kuno nu agréng. Arsitéktur hadé ngan hanjakal geueumeun. Ih! Ieu ubin, korsi jeung méja, kandel ku kekebul. Naon waé atuh Tuan Arnold jeung Nyonya Louisé di imahna? Éh ..., buku naon ieu? Manéh! Beu! Ieu judul. Cikan jerona, jadi panasaran ogé. Lembur simpé, Perancis, 1598. Arnold jeung Louisé, salaki-pamajikan diusir warga alatan Arnold mangrupakeun jalmaan manusa aul. Teu tarima dititah nyingkir, kabéh warga dipérénan. Dina awak urang lembur nu paéh, raca ku tapak cakar jeung gegelan. Ah! Gélo ieu buku, jadi muringkak kieu. Anjir! Naha jadi teu ngeunah haté? Aéh heueuh nya, naha nepi kiwari kuring can kungsi panggih jeung tatangga saurang-urang acan? “Saha deui ayeuna nu apal rusiah urang, Mah?” Tah! Sora Tuan Arnold jigana mah éta téh. “Tuh! Nu keur maca buku!” Gebeg! Kérékéééét ..., jeblag! Panto imah nutup sorangan. Kaca buku nu panutup ayeuna karék kabaca. Baris datang korban satuluyna.