Ngimpén
Wengi tadi abdi ngimpén. Dina impénan téh abdi ngimpén deui. Ari ngimpénna téh ngimpén deuih. Teras-terasan dugi ka tujuh kali ngimpén. Dina impénan nu katujuh nembé atra, tepang sareng salira. Paduduaan sapertos harita. Gunem catur kawas kapungkur. Teras ngapung ngaprak méga. Dugi ka hilap, di méga mana urang harita. Hanjakal kapegat balébat. Énjing-énjing kuramas ku cimata.