Japati Ninggalkeun Kandang

Di dieu mah kieu geuning. Ber hiber. Japati ninggalkeun kandang mawa harepan. Teup, eunteup dina tangkal. Ber hiber deui. Saban tangkal dimana aya manuk ngagugupayan jadi pangeunteupan. Di dieu salah, di ditu teu merenah. Keun sina karasaeun, ceuk jodona nu tunggu kandang. Kahujanan, kapanasan. Ku ieu ditipu, ku itu diakalan. Japati hayang balik ka kandang. Keun siah! Panto téh rék ditulakan, nu di kandang gilig haténa.