Bobonekaan

“Piceun bobonékaan téh, pan tos gaduh bonéka enggal!” saur tante Jésika sawelas taun kapengker. Sanaos peurih, sanaos nyaah kénéh, kapaksa abdi miceun salira, engkang. Ayeuna abdi gaduh bonéka énggal, kang, bonéka kagungan tante Jésika nu énggal sabada pun bapa ngantunkeun.