Démonstran
Mimitina mah, pluk, ukur hiji buku nu murag téh. Tuluy dituturkeun ku nu séjén. Teu lila burusut, buku saerak murag kabéh. Nu coverna biru, miang bari dangah dituturkeun ku nu lianna. Kuring angger diuk. Baé, batan araya di dieu bari teu payu mah. Mending sina arulin. Da engké gé sok baralik deui. Teu kungsi lila kop kana rémot. Nyetél TV. Bréh, wartawan News TV ngawartakeun kajadian nu keur lumangsung di puseur kota. Dina waktu nu ngan sajorélat, cenah, rébuan buku minuhan alun-alun. Pabukon jeung toko buku suwung. Bukuna ngilu démo di alun-alun. Paméntana hiji. Hayang dibaca ku pangeusi kota. Tapi teuing saha nu ngamimitianana, cenah. Démo téh lila-lila jadi anarkis. Malah aya nu dicerek pulisi sagala, dianggap provokator. Kuring nyenghél. Tapi barang disebutkeun provokatorna buku pulas biru mah kuring ngagebeg. Bréh beubeungeutanana. Gebeg. Apan éta téh buku ti nu erak kuring. Lila euweuh nu meuli.