Perkosa Nini - H. Taufik F

"Ari Ujang percaya kana dongeng wanoja geulis anu disihir jadi nini-nini ?" ceuk nini-nini peot anu biasa baramean di parapatan jalan nyarita ka Agus Ulen.
"Nya percaya atuh, Nini ?" tembal Agus Ulen.
"Tah, nini oge sabenerna mah wanoja geulis, ngan disihir ku nu ngageugeuh di ieu tempat jadi nini-nini. Sabenerna nini teh bisa balik deui jadi wanoja geulis, upama aya pamuda anu daek merkosa nini l
obana opat kali. Kira-kirana Ujang daek merkosa nini ? Ke lamun nini geus robah wujud jadi wanoja geulis, nini daek jadi kabogoh Ujang ?" ceuk nini-nini ngalengis.
Sabada ngahuleng sajongjonan, Agus Ulen nyatujuan. Gancang we eta nini-nini teh diperkosa opat kali. Tapi ditungguan teh angger we eta nini-nini teu robah wujudna jadi wanoja geulis.
"Geuning nini teh angger peot, teu robah wujud jadi wanoja geulis ?" ceuk Agus Ulen nanya.
"Ke, ari umur Ujang ayeuna sabaraha ?" tembal eta nini-nini kalah malik nanya.
"28 taun," tembal Agus Ulen.
"Ma enya umur 28 taun masih keneh percaya kana dongeng ?" ceuk eta nini-nini bari terus ngaleos rek baramaen deui.