Dipotong Heula

Saurang mojang ditanyaan ku urang Arab. Nyi mojang atoh kacida sabab bakal boga salaki urang Arab nu kawéntar gedé étana.

Pisalakieunana nanya bari tungkul semu éra, "Salira seneng ukuran sabaraha, Nyi? Sabab nu akang mah pondok jeung leutik mun dibandingkeun jeung papada urang Arab!" 

"Ah, ukuran nu umum wéh kang..." walon nyi 
mojang bari rada kuciwa.

"Muhun sabaraha atuh ukuranana?" sora pisalakieunana beuki halon.

"Minimal dualas dugi ka limalas sénti, kang. Pami kirang ti sakitu mah, wios bedo wéh" kituna téh Nyi mojang bari ngadilak jiga nu ngéwa.

"Euh.., ké atuh urang potong heula!" ceuk pisalakieunana bari gidig ka dapur.

"Montong, akaaaaaaaaaang ....!" Nyi mojang kokoséhan.