Warung
Sapertos nu sasari, énjing-énjing téh pakpikpek ku sagalarupi. Ma'lum hirup nyorangan, nyumponan kabutuhan nu sakieu abotna kedah ku sorangan. Subuh ka pasar, dilajeng ku dadasar. Kang Atép, Mang Diman, Cép Bagja nu sok ngalanggan téh. Unggal wanci haneut moyan, aranjeuna sok ngadon di warung abdi. Rupi-rupi pesenanana téh. Kang Atép mah pesenna téh sagelas imut. Mang Diman mah sok palay sagelas teuteup. Tah, upami Cép Bagja... anjeuna mah sok palay samangkok imut sareng teuteup. Ari abdi... bongan abdi muka warung, sadayana gé kedah dibagéakeun. "Bagéa di warung abdi, Kang... ulah wawartos ka étéhna, nya?"