BAPA SI UTUN INJI di BUI

"Geus urang paéhan mangkeluk téh!" Pa Dadang ngajorowok ti tukang. "Urang duruk wéh, Pa Kadés!" Si Wawan nyalukan. "Enya, saacan pulisi datang, satuju, Cép Wawan. Kumaha 'nu lian?" Jalma beuki raéng. Aya nu tingkuciwes, aya nu hayoh cocorowokan nitah dipaéhan. Bapa..., bapa kuring ngajoprak teu walakaya. Jalma beuki ngagimbung. Unggal panon nu nempo bapa bangun nu nempo geugeuleuh baé. Ijid ku kalakukan bapa cenah ceuk Mang Sahma mah. Pulisi datang. Bapa diborogol, digusur kana mobil. Jalma nu aya surak, sugema. Kuring teu narima. Kuring lumpat muru mobil, "Bapaaa..., bapaaa...! Ema, naha teu ngabéla bapa? Ieu bapa dibawa ka kantor pulisiiii...! Ema..., béla atuh bapa! Emaaaa ...." Sataker kebek kuring ngajorowok, méh béak sora. Ti jero mobil, bapa neuteup kuring. Cipanonna nyangkrung. Sirah asa bejad, titingalian samar. Kuring pada nyarepengan. Mobil ngadius, kuring barontak. Sakuat tanaga kuring upaya ngaleupaskeun manéh. "Asup ka imah, Mis'ah! Pikiran wéh beuteung sia!. Meunggeus bubar ti dieu! Rék nanahaon deui siah ngajaredog di dieu? Salaki aingna gé geus asup bui. Bubar siah, bubar!" bari leungeun katuhu dipaké tutunjuk, ema nyarékan warga nu aya.