Pangeusi Gembolan

Taktak, angkeng, kabeh awak asa pasiksak. Gembolan buku dina aisan beurat kacida. Tapi, pikir teh leuwih beurat tanggung jawabna batan sabaraha beurat bukuna. Peuting ditarabas ku ngangkleung, beurang dipapay ku ider. "Barade bukuuuu...? Baruku bukuuu...?" Peuting ieu, Ki, mangpirang buku kokoceakan. Teu wasa kuring ngadengena. “Sampurasun ....” “Rampes ....” Hiji pang
awakan gagah tur wibawa kaluar ti saung Sunda. Aisan diecagkeun. Brek! kuring bet ngedeprek. “Ki, Ki Sunda ... Ieu buku ceurik, ieu buku careuriiiiik....” Hing, kuring ngahinghing. Ki Sunda unggeuk dibarengan imut laju neuteup bulan nu komara. Kuring nyegruk handapeun bulan nu komara. Pangeusi gembolan abrug-abrugan, gogorowokan. "Mun aing di dieu wae, saha nu rek maca?!"