Nu Ngawih Buku

Pangeusi gembolan abrug-abrugan. Kamus, sajak, carpon jeung roman kokoceakan. Kapaksa dibuka cangreudanana. Jleng, jleng, beretek. Buku-buku lalumpatan bari sarurak. Aya ku ka istana Persiden, nu ka gedong MPR, ka imah Menteri oge aya nu ka imah para fikminer. Maranehna aratoheun sabab kiwari mah maranehna loba nu make. Teu jadi maranehna demo teh. Euleuh-euleuh, deuleu 
itu ibu-ibu. Ayeuna mah dikalung carpon, disuweng sajak jeung digiwang novel. Uluh-uluh, tempo itu bapa-bapana mani garinding! Make jas bahan kamus, didasi bahan roman. Kandaraanana ge ditulisan ku aksara Sunda. Teu asup akal. Di jalan gede, di gang, di mall, di warung, di imah-imah, aya buku. Dina warta, dina infotainment, geus puguh dina iklan mah, aya buku. Gosip-gosip, seminar, sawala reujeung diskusi, kabeh ngabahas buku. Duh..., saha ieu nu ngawih? Aya ku genah kana ceuli. "Barade buku..., akang, eteh, barade bukuuu...."