DANGDANGGULA (GOYONG)

 Mungguh hirup hamo bisa mungkir
tina salah jeung kakaliruan
nu jadi rereged haté
rajeun ngagugu napsu
umangkeuh reujeung asa aing
teu ngajén ka nu lian
geus tangtu kaliru
meungpeung aya kasempetan
urang silih lubarkeun rereged dosa
reujeung papada urang

Nu dipamrih mugi jembar manah
luntur kalbu kersa ngahaksami
malar teu janten bebendon
dina lakuning hirup
binarung kaweningan ati
tur neundeun pangharepan
ampunan Nu Agung
mulang kana kasucian
beresih lir anyar gumelar ka dunya
gymilang sinanglingan

BENTANG MULANG (karya Nyai Endit) dina Rumpaka Lagu (ku Dasep Arifin)

Hawar - hawar humandeuar
aya sora anu henteu nyoara
Wengi enjing tepang deui, pokna!
Kuring teu wasa ngajawab, letah beurat kaeurad pitapak asih

Ber ...,  bentang anu kuring hiber
reg ngarandeg bari malikeun awakna
Jangjangna teu weleh ngiplik
Jiga ngagupayan kuring

Engkang kuring milu
jawabna ukur gigideug
Gerip wanci nulis titis miruha tresna ku rasa
Pamali, Enung, teu kenging ngarempak larangan

Manehna hiber deui
 beuki luhur ngawang - ngawang
Melesat ka alak paul
ngacacang milang sulintang
Kuring teu bisa kumaha iwal diri sumerah pasrah

Beuki luhur cahayana jiga nu kakalicesan
Teup, manehna eunteup dina jangjang indung peuting
Bray caang, awakna kajeueung deui

Kuring tungkul teu kawawa ku cimata
Diri jumerit ka Gusti, raga ngoceak ka Pangeran
Ya Alloh Robbul Ijati, pulangkeun deui panutan kuring
Kuring tanggah neuteup deui udat langit
Geuning manehna geus euweuh
Balabuh dawuh ngahiang dina galeuh maha wening

Hate ngageder-- dada ngahegak nahan kaambek
Panon mencrong kalangit -- ku asa diteungteuingan
Kudu kasaha kuring nanya -- lamun kangen kana lalakon anu kamari

Hawar - hawar humandeuar
Enung ..., urang paanggang ngan ukur dina ciciptan
Dina batin gulung gelek sasarengan .


Dasep Arifin

Rawayan kaheman - Bentang mulang beunang Nyai Endit, direka janten rumpaka lagu ku Ab'Das


Béntang Mulang

“Tepang deui wengi énjing, jungjunan,” pokna. Geleber. Béntang nu kuring hiber. Reg eureun, tuluy malikkeun awakna. Jangjangna angger kikiplikan. Nyéh, manéhna ngalungkeun imut. Imut nu boa iraha bakal kapanggih deui. “Abdi ngiring, atuh…!” paménta kuring sangkan dibawa. Manéhna gideug. “Teu kénging ngarémpak larangan, Nung,” témbalna. Ber, hiber deui. Beuki lila-beuki luhur, mingkin jauh ka alak paul. Kuring tanggah, panon nuturkeun sapanjang hiberna. Caangna mimiti kakalicesan. Teup, manéhna eunteup di antara langit peuting. Reup bray, katempo deui cahaya awakna. Kuring ngeluk tungkul, beurat ku cipanon nu nyalangkrung. Saheulaanan cicing, tapi waktu kuring tanggah, manéhna geus ngahiang. Nyel, amarah ngagedur. Kuring mencrong langit. Ambek teu kabendung. "Kumaha mun engké kuring kangen dongéng nu kapungkur...? Kudu ka mana...?" Jep saheulaanan. Ambekan rénghap ranjug. "Cag! Semet dieu baé carita urang! Dia mulang, kami mulang...!" géréwék kuring. Haté asa digerihan, ngarakacak ka diri sorangan. Léngkah karasa beurat waktu ninggalkeun tapak-tapak lalakon. 


Setatsion Ciamis

Wengi tadi, kuring nganjang deui ka setatsion Ciamis. Teu tiasa dicarioskeun nyérédétna haté. Di unggal juru rohangan, tapak-tapak kapungkur narémbongan deui.  Seungitna leuwih nyambuang batan seungitna malati atawa sedepmalem. Hoyong ngabudalkeun cipanon, ku alatan émut ka hiji istri, anu kiwari duka dimana boa. Teu hoyong lami-lami di éta tempat, nalika jarum jam duanana nujul kana angka 12, sadayana pamitan, seja wangsul ka tempat asal. Setatsion Ciamis, wengi tadi ilang dangiang. *** ER

Dulur nu jadi batur

Budak nu ka tilu umurna dua taun waktu nu jadi salaki ninggalkeun kuring. Ayeuna budak téh geus kelas dua SD. Budak nu panggedéna sakolana teu junun, teu kabedag ku ongkosna. Sabaraha atuh ari buburuh ngajait di konvéksi? Demi bisa hirup, unjak-anjuk ka ditu ka dieu, dulur gé geus kapapay. Ieu aya lolongkrang usaha, meunang orderan ngamaklun kaos. Ari mesin mah aya, da baheula kungsi boga konvéksi. Nu jadi harepan ukur Siti. Sugan méré nginjeum, pan manéhna mah apal kumaha kaayaan kuring. Rerengkogan waktu rék ngetok panto téh, asa-asa. Bray, panto muka. “Wati, aya naon ka dieu? Rék nginjeum duit, nya?” Kuring olohok, kagét. Teg. Haté kasigeung. “Nya, tadina mah jang modal, Ti,” cekéng. “Ieuh, ari sakirana teu boga modal mah, geus gawé di batur! Leuheung mun maju usahana. Mun henteu?” pokna. Dina angkot, cipanon nyurucud. Si bungsu, ditangkeup pageuh. “Mamah, engké mah ulah ka bumina Uwa deui, nya!” 




Puisi Inunesia

Pada kedinginan pagi
Aku menatap gambarmu
Berharap bibir mu sampai
Kecup sedikit bibir ini

Rindu itu terus melambailambai
Memaksa hati menjemput kasih
Kenapa akal terus dikuasai
Rindu memang menyiksa hati

Hei.. Kau yang terus menanti
Sabar sebentar ku datangi pasti
Siapkan sedikit seremoni

Kita bercinta sampai pagi 


MAYAT HIDUP

Apa yang kalian cari dari si tubuh hidup tanpa jiwa ini? Aku telah menjadi mayat hidup sejak bertubi-tubi tajamnya kebohongan kalian menusukku.


Yang Terbunuh


Kisah bahagia sudah berakhir sebelum halaman terakhir. Kurobek satu lembar naskah bukumu karena telah membunuhku. Esok, aku akan pergi menemui editor bukumu tanpa sepengetahuanmu.


= Pikiranpun turut Bicara=

Perempuan berbaju merah ini berurai air mata. Kasihan. Dan lelaki inipun tak henti-henti memohon maaf. "Maafkan aku! Aku milikmu, aku janji," ujar lelaki ini. Tangan lelaki ini menggenggam erat tangan perempuan berbaju merah itu. "Aku hanya milikmu, tak akan pernah lagi ada wanita lain, selain dirimu. Aku tak bohong, sungguh! Tolong, maafkan aku. Aku kembali, kumohon, terima aku. Aku berjanji, takkan ada wanita lain di hatiku." "Bohong! Lelaki ini berbohong! Ini buktinya, saat dia berjanjipun aku masih ada dalam pikirannya."

PEPETASAN ti SI JALU

“Mah, Asép tarawéhan!” Geblag! Sora panto harus naker. “Éh, Jalu! Kadieu heula!” Budak nyampeurkeun bari jebras-jebris. “Omat! Ulah nyeungeut pepetasan!” “Enya! Moal atuh!” pokna bari ngaléos. Imah téh deukeut ka lapang ogé teu jauh ti masigit. Nu matak sok kadéngé anu keur tarawéhan atawa sarurak barudak nu nyareungeut pepetasan. “Bapana! Moal tarawéhan? Henjig atuh! Éra ku batur!” Bapana jongjon ngelepus udud. Bérébét! “Mamaaaah…!” “Alah siah, Gusti…! Bapa, saha éta?” Kuring kadua salaki geuwat lumpat ka tepas. “Tos, tong nangis, kasép. Keun, engké Asép disintreuk ku Uwa, nya?” Nu jadi salaki ngupahan budak nu tadi ngagoak. “Asup, Asép!” Paréntah Bapana ka Si Jalu. Budak tungkul, sup ka imah. “Cenah rék tarawéhan!” Bapana nyentak Si Jalu. “Asép mah ningal wungkul, Pa. Nu nyeungeut mah Si Endin! Mamah sareng apa tarawéhan atuh, ambéh terang Asép mah tara ameng pepetasan!” Budak méwék bari muru ka kamarna. Geblag. Teg! Mangpirang pepetasan bébérébétan ‘na jero dada.